Senin, 03 April 2017

Masantren

Sabenerna mah da teu hayang-hayang teuing masantren teh, kahiji ku umur nu geus leuwih ti 20 taun, kadua asa teu pantes we diajar bareng jeung barudak nu umurna jauh sahandapeun. Enya bener, lain teu rumasa kana elmu agama sorangan, ngaji Qur'an oge can bisa boro-boro jeung kudu ngadalil mah, ngan rarasaan teh asa kagok we. Kusabab kitu, neangan pasantren teh kudu nu bisa 'taylor made program'.

Pasantren kahiji.
Pasantren tujuan teh ayana di Geger Kalong, Daarut Tauhid. Berangkat ti jalan Logam isuk keneh da jam 10 an geus nepi ka Gerlong.
Ditarima ku pangurus pasantren diajak ka jero, terus sarila luhureun karpet. Ngobrol ngaler ngidul terusna mah pun uwa nepikeun maksud kadatangan ka ieu pasantren.
"Dicandak enggalna wae, maksad teh hoyong masantrenkeun pun anak, Hendra" bari nunjuk ka kuring nu keur sila mendeko.
"Sumuhun, tiasa pa, mangga" ceuk pangurus bari unggut unggutan.
"Ngan ieu pun anak teh gaduh kabutuhan khusus nu kedah janten perhatosan ti pasantren" pun uwa neruskeun obrolanana bari ngadeukeutan terus ngaharewos ka pangurus.
"Duuh hapunten na bapa, didieu mah teu nampi nu model kitu" ceuk pangurus semu semu reuwas sanggeus diharewosan ku pun uwa teh.
Teu panjang carita, baralik we. Pasantren kahiji gagal.
(ayeuna teu jadi fans na lain kusabab kajadian ieu nya)

Pasantren kadua.
Masih dina poe nu sarua, teu beres di Daarut Tauhid terus lanjut ka daerah Padasuka di Cicaheum. Poho deui ngaran pasantren na.
Ditarima langsung ku mama Ajenganana, nu kabeneran nuju ngawirid. Di dieu oge sami pun uwa nu ngawakilan nyarios. Atuh di dieu oge sarua jawabanana jeung di Gerlong. Ngan aya bedana kieu.
"Di dieu mah teu aya santri nu mondok, isuk-isuk ngaraji beurangna baralik kitu oge sore" saur mama Ajengan ngajelaskeun.
"Bari neangan pasantren nu lain, tah pake tasbe mama jang ngawirid, sok diajar ngawirid" mama Ajengan masihan pituduh bari ngageroan ka kuring.
Kuring nyampeurkeun ka payuneun mama Ajengan bari dua leungeun maju rek narima tasbe ti anjeun na.
Tasbe teh tasbe batu warna semu semu bulao, tiis, tiis pisan karasa kana dampal leungeun. Rarasaan teh siga nyekelan es batu.
Tapi teu lila nyekelan, tasbe teh ujug ujug marurudul, talina pegat.
Mama Ajengan ngan ukur imut bari nyarios.
"Tah, sok kumpulkeun deui, hijikeun deui bari istighfar"

Bari jeung can ngarti kana eta kajadian, kuring nganuhunkeun ka mama Ajengan (hanjakal ayeuna tasbena leungit).
Pasantren kadua teu gagal gagal teuing.

Pasantren katilu.
Peutingna baradami deui, nelpon kaditu nelpon kadieu neangan informasi pasantren. Aya nu ngabejaan cenah di Banjaran, aya deui nu ngabejaan ka Suryalaya.
Isukna teu indit kamana-mana, bisi gagal deui jadi we dua pasantren teh ngan ukur ditelpon ti imah. Duanana euweuh nu cocok jeung pun bapa, sigana tina metodeu pasantren ka santrina. Kuring ge embung lah dilelep-lelepkeun tengah peuting.
Pasosore basa pun uwa beres ngajemput uwa istri, nyarita cenah tadi beurang panggih jeung kawawuhanana urang Garut nu digawe di Bank BRI. Nya ti kawawuhan pun uwa pisan kenging informasi cenah di Garut aya pasantren nu diperkirakeun bakal cocok jang kuring. Ayana di Kampung Balong, Mengger, Desa Banyuresmi, ti arah kota Garut mah sanggeus Situ Bagendit.
Isukna berangkat ka Garut, pun bapa, pun uwa jeung kuring. Palebah Situ Bagendit kuring nanya ka bapa bapa sisi jalan, lebah mana Kampung Balong.
"Ooo, bade ka mama Ajengan Balong nya?" bapa bapa teh nanya.
"Muhun pa" ceuk kuring.
"Di payun, nya kira kira satengah kiloan lah bakal dugi ka Mengger, ti dinya aya jalan ka katuhu, lebet we teu tebih ti dinya mah, nya pami kirang jelas engke di Mengger naroskeun deui" ceuk bapa bapa bari pepeta.
"Hatur nuhun pa" kuring nganuhunkeun.

Enya we teu jauh ti dinya nepi ka Mengger, hareupeunana aya jalan ka katuhu. Kuring turun deui nanyakeun.
"Eta A, tos pudunan aya bumi palih kenca, teras we lebet aya jalan alit gigireun bumi teh. Engke aya jalan cagak, nu lempeng ka lembur Cikawao, nu ka kenca ka Balong, teu tebih da." sarua nu ditanya teh ngajelaskeun bari pepeta.

Beres markirkeun mobil, bring we tiluan mapay jalan leutik tea. Jalan semen ukuran sameteran. Beulah kenca hieum ku tangkal awi, dihandapeunana siga aya situ, beulah katuhu kebon sampeu. Euweuh imah deui ngan eta we nu sisi jalan tea. Teu jauh manggih jalan cagak, katempo aya lembur dihareup. Tiluan mengkol ka kenca, jalan satapak mudun pisan matak tisorodot mun usum jiih mah, kenca katuhu hieum ku tangkal awi. Parat pudunan, jalan ganti ku jalan taneuh, beulah kenca aya pancuran tina cinyusu handapeun dapuran awi. Jalan teh siga handapeun jungkrang, beulah kenca aya solokan leutik pamiceunan cai ti pancuran, dihandap beulah katuhu balong jeung pasawahan kadituna kebon jambu beureum, jambu batu. Katempo aya imah dua jeung masigit.
"Wadooh, kacow yeuh mun kudu cicing di di dieu, jauh kamana-mana" jero hate noroweco.

Teu lila nepi ka imah nu dijugjug, uluk salam. Kadenge ti jero imah aya nu malesan salam, torojol ibu ibu tengah tuwuh ngabageakeun.
"Mangga kalebet, kaleresan Pa Haji nuju pangaosan di masigit, sakedap deui ge beres." Enya we ti jero masigit kadangu aya nu keur pangaosan, shalawatan.
Pun bapa sareng pun uwa kalalebet, kuring mah teu milu kajero, diuk dina teras sisi sawah bari ngalamun da asa ngimpi anjog ka ieu lembur nu teu kabayang saacana. Bari luak lieuk maca situasi.

Kampung Balong, disebut kampung da teu siga kampung, imah ngan dua katilu masigit, gigireun masigit beulah kenca aya wangunan leutik siga madrasah. Hareupeun masigit beulah katuhu cenah bumina Ene Haji, nyaeta ibuna mama Ajengan Balong, hareupeun masigit beulah kenca bumina mama Ajengan Balong. Gigireun masigit beulah katuhu aya kulah badag paranti wudhu nu caina ti cinyusu handapeun dapuran awi tea nu dialirkeun make paralon, katempo aya pancuranana, cai pamiceunanana ka balong hareupeun bumi mama Ajengan. Sigana kusabab loba balong jadi katelah Kampung Balong. Sawah ublug ablag teu katempo aya lembur atawa imah sejen.

Keur ngalamun kitu, katempo ti jero masigit ngaburudul jelma kalaluar. Bapa bapa jeung ibu ibu wungkul, euweuh budak ngorana. Abegena manaa??
"Waah cilaka, santrina kolot wungkul yeuh" kuring beuki teu ngeunah cicing. Piraku we 'rock 'n roll man' dihijikeun jeung nu karolot kitu. Jaba jauh ka Taurus, jauh ka Laga Pub, jauh ka King Garden, hadeeuuh...
Pokona mah kudu milu balik deui ka Bandung ieu mah.
***

Sagala ogé geus aya nu ngatur, nu tadina teu wawuh jadi wawuh, nu tadina batur jadi dulur, nu tadina teu betah jadi betah. Kaalaman pisan ku kuring di Balong.

Inget basa mama Ajengan Balong ngageroan ka kuring nu masih embung asup ka imah, nu masih bertahan cicing dina téras sabab can nyambung antara lelembutan jeung kanyataan.
"Sok kadieu, ulah diluar"
Nya kapaksa kuring asup ka imah, muka sapatu, uluk salam terus miluan sila gigireun pun bapa sareng pun uwa nu ti tadi geus ngajelaskeun sagala rupana ka mama Ajengan.
"Keun, Hendra mah jeung Pa Haji didieu, urang diajar ngaji." saur Pa Haji (atuh saterusna kuring nyebat téh Pa Haji).
"Ngagolér mah, rék didieu jeung Pa Haji...sok, rék di Ené Haji...sok, rék di masigit...jung." Pa Haji neraskeun obrolanana.
Saumur umuran ogé can pernah saré di masigit.
"Abdi mah di masigit wé Pa Haji" ceuk kuring bari tungkul.
"Enya teu nanaon, ngarah gampang hudang ari Subuh." saur Pa Haji deui.
"Pa Haji, ari didieu geuningan santrina bapa bapa ibu ibu wungkul, tadi abdi ningali basa bubaran pangaosan" rasa panasaran kuring kaluar da enya ti tadi ditempo tempo téh euweuh batur saumuran.
"Di Balong saminggu 2x shalawatan, sabulan sakali manaqiban nu jamaahna ti sabudeureun Balong, aya nu ti Cikawao, Ménggér, Babakan, malahan mah sok aya nu ti Garut atawa Bandung." kitu saur Pa Haji ngajelaskeun.
"Barudak nu ngaraji mah unggal soré ogé aya, Ma Haji nu ngawurukna, tapi da tara marondok di Balong." saur Pa Haji deui bari udud nyerebung.
"Terus abdi kumaha atuh Pa Haji, teu aya batur meureun di masigit" ceuk kuring, da embung ari kudu saré sosoranganan di masigit mah.
"Engké ogé Hendra mah aya nu maturan" kitu saur Pa Haji nu ngajadikeun kuring pinuh ku tanda tanya.

Teu lami pun bapa sareng pun uwa permios ka Pa Haji da kedah ka Bandung deui. Kuring milu ka parkiran mobil sakalian rék mawa tas pakéan bari dibaturan ku budak saurang titahan Pa Haji.
"Sok A sing betah, keun sabulan sakali mah dilongok ka dieu, mun aya nanaon nelpon" kitu saur pun bapa.
***
Teu karasa geus aya tujuh bulanan kuring cicing di Balong. Aya waé kajadian kajadian nu matak mawa betah téh. Kajadian kajadian nu geus digariskeun ku Nu Maha Kawasa sangkan kuring bisa cicing hirup di Balong.
*****

Kenang-kenangan Kp. Balong, Garut 1993

Tidak ada komentar:

Posting Komentar