Senin, 03 April 2017

Manaqiban Di Suryalaya

Harita kuring kungsi diajak ku Mama Ajengan Balong manaqiban ka Suryalaya, Abah Anom oge jumeneng keneh. Mama Ajengan Balong teh muridna Abah Anom.
Ti Garut isuk keneh muru ulah beurang teuing nepi ka Suryalaya.
Pondok carita nepi we ka gerbang pasantren, jamaah teu kolot teu budak ngarebu sajajalan ka Masjid Nurul Asror. Nu maca manaqib ti jero masjid oge jentre kadenge pisan sorana.
Manaqiban nyaeta nyaritakeun deui kasolehan tur kautamaan Syekh Abdul Qodir Jaelani.
Kuring dibawa ka hiji imah gigireun masjid, di jero ngarariung ajengan katut santrina. Mama Ajengan Balong ngawanohkeun kuring ka putrana Abah Anom nu aya didinya.
Teu lila kuring diajak kaluar, cenah Abah Anom tos calik di rohangan bade nampi jamaah.
"Hayu Ndra, tuturkeun Apa Haji kade ulah tinggaleun" saur Pa Haji bari cengkat. Kuring mah nuturkeun we.
Jamaah ngantri niat sungkem ka Abah Anom. Hareupeun panto pagelek-gelek, nu jaga sibuk ngatur antrian supaya di jero teu pinuh teuing.
Apa Haji tos dipayuneun panto ngan kuring kapegat lengkah ku jamaah nu lain. Apa Haji mah lebet we da tos wanoh tea ngan kuring tinggaleun teu bisa asup. Bingung kudu kumaha, milu antrian pasti tinggaleun kaburu Apa Haji kaluar manten.
Teu lila nu jaga bewara make sapeker leutik.
"Jamaah ti Singapur silahkan masuk" diulang aya 3 kalina.
Bring katempo aya sababaraha urang jamaah lalaki awewe ti Singapur rek arasup. Nempo kitu kuring milu abringan dipangtukangna. Hiji hiji asup ka imah, meneran kuring dipegat heula, "Naha santri teh make calana jeans jeung kaos oblong?" kitu meureun ceuk dina pikirna.
"Dari Sinagapur?" nu jaga ka kuring nanya bari rada cangcaya.
"Yes, Singapur" ceuk kuring yakin.
Alhamdulillah bisa asup ka imah, sungkem ka Abah Anom, Syeikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin R.A.
***
Kenang-kenangan Kp. Balong, Garut 1993

Tidak ada komentar:

Posting Komentar